Wangenan Karawitan
Karawitan numutkeun ahli karawitan saperti Raden Mahyar Angga Kusumah Dinata jeung Atik S,S.Karawitan, numutkeun anjeuna karawitan asalna tina kecap Ra jeung Wit ; Ra nya éta cahya panon poé (seni), Wit nya éta pangaweruh. Numutkeun Bapa Atik S,S.Kar, ra jeung wit disawang tina paham animisme jeung dinamisme ra nya éta ngahormat atawa munjung jeung wit nya éta karuhun. Wangenan Karawitan sacara lega nya éta seni musik nu ngagunakeun bahanna nya éta sora. Sedengkeun sacara husus nya éta seni sora daérah nu miboga laras pélog jeung saléndro. Aya ogé seni karawitan nya éta seni sora manusa jeung atawa sora waditra anu saluyu jeung tradisi Umpama numutkeun Enslikopedi sacara umum karawitan sarua jeng musik atawa seni sora
Sajarah Karawitan
Jalma-jalma baheula nalika réngsé moro jeung nalika rineh teu dihaja ngésétan jamparing atawa gondéwana nepika aya sora. Kajadian éta anu jadi kasang tukang alat atawa waditra anu digésék saperti tarawangsa, rebab, jeung waditra lianna.[1] Nalika panén di sawah murangkalih jaman baheula nyieun empétan-empétan tina jarami anu dipaénkeunna ku cara ditiup. Hal ieu anu jadi kasang tukang ayana suling pangsi jeung tarompét.
Ragam Wangun Karawitan
Ragam Karawitan aya 3 diantarana (a)Karawitan Gending nya éta wangun karawitan anu dihasilkeun ku sora waditra atawa sora gamelan anu disadana rék ditabeuh, ditepak, atawa digésék. (b) Karawitan Sekar nya éta wangun karawitan anu dihasilkeun ku sora manusa. Panyajian dina karawitan sekar aya dua jenis ; sekar tandak (kawih) nya éta seni sora anu kabeungkeut ku wiletan (tekenan-tekenan nu datangna tutuluyan dina irama anu tangtu dina waktu anu sarua sarta dina penulisanna maké wates garis lempeng jeung mantra.[ Nu kadua nya éta sekar irama merdika (tembang) nya éta seni sora anu teu kauger ku wiletan tapi kauger ku aturan-aturan pupuh atawa syair lianna.lagu nu biasa ku urang tempo jeung rasakeun dina kenongan atawa goong)Karawitan Campuran nya éta gabungan atawa kolaborasi antara sekar jeung gending atawa antara lagu jeung waditra (gamelan, kacapi, atawa waditra lianna).
Fungsi Karawitan
Fungsi karawitan diantarana ; (a) fungsi minangka atikan nya éta nambahan pangaweruh, kaparigelan, ajén inajen, sikep kana seni karawitan, kaasup kana sastra anu aya sajerohing dina rumpaka (syair) atawa guguritan. (b) Fungsi minangka pepeling nya éta piwuruk, paréntah, jeung wejangan bisa ngaliwatan seni karawitan. (c) Fungsi minagka hiburan nya éta hiburan ngaliwatan seni karawitan bisa digabungkeun jeung wangun-wangun kasenian saperti tari, [bela diri]] jeung drama.(d)Fungsi minangka pamirig lagu. (e) Fungsi minangka pamirig tari. (f) Fungsi minangka ébréhan rasa. (g) Fungsi ngagambarkeun jiwa. (h)Fungsi minangka sosial nya éta dipaké dina upacara-upacara adat. (i) Fungsi minangka komersial hartina bisa dipaké pangupah jiwa.
Galeri
Sumber
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r s Tim penyusun.[2001] Karawitan Rangkumna Muatan Lokal Karawitan.Ciamis: [s.n] Halaman 3.
- ↑ a b Elis Suryani NS. 2010. Badingkut.Bandung: Danan Jaya.Halaman 265
- ↑ penyusun.2000. Énslikopedia Sunda.Pustaka Jaya.
- ↑ a b Burhanudin,Mastur,spk. 1998. Seni Karawitan. Jakarta:PT. Rakaditu
- ↑ Elis Suryani NS. 2010. Kearifan Budaya Sunda. Ciamis.Pemerintah Kabupaten Ciamis Disbudpar.Halaman 293
Sae blogha, Kang Acep...
BalasHapusEnya, nuhun... Kumaha sia weh... :D
Hapus