Kamis, 24 Mei 2012

Karawitan Sunda


    Wangenan Karawitan

    Karawitan numutkeun ahli karawitan saperti Raden Mahyar Angga Kusumah Dinata jeung Atik S,S.Karawitan, numutkeun anjeuna karawitan asalna tina kecap Ra jeung Wit ; Ra nya éta cahya panon poé (seni), Wit nya éta pangaweruh. Numutkeun Bapa Atik S,S.Kar, ra jeung wit disawang tina paham animisme jeung dinamisme ra nya éta ngahormat atawa munjung jeung wit nya éta karuhun. Wangenan Karawitan sacara lega nya éta seni musik nu ngagunakeun bahanna nya éta sora. Sedengkeun sacara husus nya éta seni sora daérah nu miboga laras pélog jeung saléndro. Aya ogé seni karawitan nya éta seni sora manusa jeung atawa sora waditra anu saluyu jeung tradisi  Umpama numutkeun Enslikopedi sacara umum karawitan sarua jeng musik atawa seni sora